Kamis, 26 Februari 2009

DIDIEU KURING NANGTUNG


didieu mangsa katukang
kuring nangtung…

nitenan endahna alam priangan
lembur nu singkur, tengtrem karaharjaan
di luhur gunungna, dina legok landeuhna
ku herang caina, ku loba laukna
geledegan tangkalna, recet manukna
piit leutik dina luhur tangkal kai
nitenan pucuk awi ting garupay
mapag mangsa isuk-isuk

didieu mangsa ayeuna
kuring nangtung…

nitenan robahna alam priangan
gunungna geus ditugaran
tangkalna geus dituaran
caina mimiti beak, laukna paeh sakarat
piit leutik dina luhur tangkal kai
nitenan pucuk awi ting garupay
semu sedih tur nalangsa
ku ruksakna alam priangan

didieu kuring nangtung…

Ciawi, 26 Juni 2008.sumber:sajak-sajak sunda

Lemah Cai Kuring


Lemah cai kuring..
nagri endah asri..
sugih cacah jiwa..
bahan lubak libuk..

sim kuring…tresna miwah nyaah
ka lemah cai pribadi
kuring suka…kuring betah
di bali geusan ngajadi

Sajak ti Jalan ka Man



Ngémploh pucuk-pucuk entéh
Mulas léngkob jeung lamping nu keur gumiwang
Sapanjang jalan rumangsang muru hibar gebur beurang
Hawar-hawar, kahariwang dilaungkeun kawih leuweung
Sabot mipir jegir pasir jeung kaketir nangtang ringkang
Lalaunan angin rintih ngusapan lengkah guligah Luak-léok ngitung tikungan
Kalah kérok balas nyawang pulas haté jeung langitna
Balitungan antara was-was mun nyorang lelewang jungkrang
Jeung panggupay ti palebah mumunggang gunung panungtung
Padungdengan sabot méga katémbong beuki meuleukmeuk
Samar-samar nyidem hujan jeung guludugBeuki jauh nyusud waktu
Bet kasarung satengahing kahayang nu pasulabreng
Antara ngajuringkang ka landeuhkeun, ka sisi talaga wening
Atawa rék terus nyusul jangjang julang kumalayang nilar sayang
Humandeuar ti tetelar ka tetelar nu horéng teu matak kelar
Kalah awor jeung geuneuk kelun halimun

Ngalulungsar di totowang
Mépéndé rurungsing jantung nu gumuruh silantangan
Sanggeus lawas ngaprak mangsa ngasruk tegal alimusa
Beuki surti yén mumunggang panganggeusan ngancik dina sanubari
Ngan kari ngaragap diri nu mindeng ngaberung mangprung
Kari naker ieu ketak saméméh béakeun hégak

(Pangaléngan,karya:Godi Suwarna